Memberi dan Menginspirasi

Sabtu, 29 Oktober 2016

Contoh Carita pondok Bahasa Sunda

Nemu tulisan lama, saat lagi semangat kirim tulisan ke media. Selain nulis dalam bahasa Indonesia saya juga nulis dalam bahasa Sunda. Salah satunya nulis carpon atau carita pondok. Dari kecil saya memang suka baca carpon. sebagai hiburan. Carpon ini pernah saya kirimkan ke koran, tapi kurang beruntung alias tidak di muat. 


Judul: Salingkuh 
Peuting geus jempling. Kuring can bisa sare dapuguh biasa begadang, dipeureum-peureum oge ku hese ngaleyep.  Laptop mah hurung keneh, nganggeuskeun naskah bari facebookan.  Barudak  geus aya di alam mimpi masing-masing, ngajajar tilu siga pindang. Sicikal nu karek kelas dua SD, nu kadua karek asup TK, nu pangleutikna umur 3 taun, keur memeujeuhna ceuk baturmah. 
 Neuteup barudak nu keur tibra bangun nu nikmat taya kahariwang. Sok ras inget ka zaman dimana kuring jeung salaki anyaran ngawangun rumah tangga. Tihothat pisan.  Otak jeung tanaga dikuras, kumaha sangkan dapur terus ngebul. Enya oge kuring sakola nepika paguron luhur, tapi ari teu boga kawawuhan mah tetep we hese neangan gawe.
Hate geus gilig rek mantuan salaki dina hal maisyah neangan rizki anu halal, da salaki ngan saukur buruh pabrik nu ceuk paribasana gali lobang tutup lobang. Atuh alesanana kuring neangan gawe teh kulantaran lebar, ngamanfaatkeun ijazah anu nang sakola welasan taun.
Padahal mah nomor hijina butuh ku duit, komo mun ningali kahareup ayena anak hiji sakieu susahna, kumaha mun boga anak dua atawa tilu, kitu pamikiran pondok namah.  Tapi ari itung-itungan pangeran henteu kitu geuning.
Duka teuing sabaraha puluh surat lamaran anu ku kuring dikirimkeun ka perusahaan, meh unggal poe meuli Koran, sugan jeung sugan aya lowongan anu cocok jeung pendidikan kuring.  Kitu deui lamaran anu melalui  surat elektronik mah geus teu kaitung.
Kesang luut leet, kuring masih keneh apay-apayan mapay jalan bari mamawa amplop nu eusina taya lian ti surat lamaran. Tapi can aya hiji oge anu narima. Inget keneh kuring nepika datang ka Jakarta da maca lowongan dina Koran.
Maklum ti kampung, kuring can apal jalan-jalan di Jakarta, harita kuring rek wawancara jam 10 isuk-isuk, nyubuh keneh ti terminal Leuwi Panjang, jam dalapan oge geus nepi ka Jakarta namah, ngan alamat anu kukuring rek dituju, can apal. Ceuk informasi nu kukuring ditarima dina telepon kamari, naek bus way ti terminal Rambutan. Sanggeus meuli tiket, kuring naek kana bus way, unggal euren kukuring  dibaca bisi salah turun.  Kuring geus cangkeul, waktu terus nyerelek, antukna kuring nanyakeun ka kondektur bari era oge kaciri kakara ka kota.
Kuring salah naek bus, “Nanti di depan, naik lagi yang jurusan Slipi.” Pangalaman naek bus way. Matek ge kudu tatanya. Akibatna kuring gagal wawancara, da datang ka kantor hampir lohor, waktu wawancara geus beak. Eta oge dititah datang deui isukan.   
Kuring oge pernah katipu lowongan kerja tinu Koran, dina iklan eta teh ngabutuhkeun lulusan SMA, D1, D3, S1.  Jang ditempatkeun bagian administrasi. Sanggeus cumpon sagala rupana, kuring menta izin ka salaki rek ngadatangan alamat anu aya dina iklan lowongan kerja eta.
Budak mah biasa we dipihapekeun di nini na, rada hese oge ninggalkeun budak dua anu sapopoe piindung. Tapi kuring geus gilig, teu ningali katukang, budak nu ceurik, ah da engke oge jempe piker kuring harita.
Turun tina elf, kuring nyimpang heula ka kios samemeh katempat anu dituju, mun teu salah mah alamatna teh sekitar Leuwi panjang. “ Bu bade tummaros terang alamat ieu ?” kuring  api-api meuli cai nginum kanu boga kios. “Oh ieu caket, lempeung, terus belok kanan. Aya perlu naon neng ?”  “ Abdi maca dinu Koran aya lowongan kerja.” “ Ke, ke ieu alamat asa kungsi apal.” Nu boga warung ngahuleng. “Oh neng, tong ngalamar kadinya, sanes ibu nyingsieunan, alo ibu katipu, seep ratusan rebu. Da sanes lowongan anu aya dina Koran. Eta mah jadi sales, jabaning kudu di bayar heula barangna. Ibu  mah ngan saukur ngawartosan, etamah kuma neng bade kaditu mangga. Emang seueur anu naroskeun alamat eta teh, tos sababaraha urang, mangga we bilih panasaran mah cobian heula.” Teug we hate teh. Kuring balik deui samemeh ka tempat anu dituju, jang naon ngabeakkeun waktu, jaba budak bisi haying nyusu.
Tapi ayeuna Alhamdulillah, ti saprak kuring  panggih jeung babaturan anu icikibung dina perfilman, kuring ditawaran nyieun naskah jang tayangan striping. Da puguh babaturan kuring apal mun kuring resep nulis,  malah keur kuliah mah mindeng tulisan teh dimuat dina majalah atawa Koran. Awalnamah kuring teu yakin bisa  nyumponan tawaranna. Tapi naon salahna lamun dicoba. Produser kataji kana idea nu kukuring ditulis. Alhamdulillah ratting na alus wae, bahkan nepi ka ngaratus episode. Tina hasil nulis kahirupan kuring beuki beunta. Awalna imah ge ngontrak, ayeuna boga kontrakan sok sanajan karek sabaraha petak. Kuring bisa meuli sawah dilembur, investasi ceuk basa keren namah. Kitu deui kandaraan pribadi. Budak kacumponan sagala kahayangna. Ari dina segi ekonomi mah, teu kakurangan.
Ngan hanjakal, kabahagian teh teu ditingali tinu harta gening, saperti ayeuna kuring didieu teu bisa  sare, kadenge hawar-hawar beja, yen salaki kuring salingkuh jeung batur sapagawean. kuring tara curiga mun salaki kuring telat ti pabrik, da cenah ngalembur. Siga peuting ayena, jam geus nunjukkeun jam 12 peuting, tapi can kaciri pibalikkeun.
Hate leutik geus teu bisa di bobodo, ditelepon teu diangkat, kitu deui di SMS mah teu dijawab. Kamana atuh ? hate jumerit. Ku kuring sakali deui di telepon make kartu nu aya dina modem, jadi manehna can apaleun nomerna.
Mun enya salingkuh, asa cangcaya, naha teu inget kitu basa keur susah, ngawangun rumah tangga ti nol.  Teu kungsi lila telepon aya nu ngangkat, hate ngeleketey leuleus, cimata nu tatadi di tahan budal oge, sora halimpu nu ngawaler telpon ngabejakeun yen bapana tos kulem, abdi  mah sareng istrina.

0

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan berikan komentar, saran dan kritik dengan bahasa yang sopan, jangan spam ya!