Memberi dan Menginspirasi

Selasa, 26 Februari 2013

Anaking (Carita Pondok Bahasa sunda )



Carpon Ku : Yati Nurhayati
Kuring ngan saukur bisa istigfar bari ngusap dada basa Reyhan budak kuring hiji-hijina ngadat alatan kahayangna teu ditedunan. Sakur barang anu aya diharepeunana dibalang-balangken. Belewer-belewer ngarapung ditengah imah. Atuh tengah imah anu nang meresanteh teu sirikna siga kapal pecah.
Rarasaan mah tara elat  ngaderes qur’an unggal peting basa hamil ku Reyhan teh, jeung dei can pernah diparaban ku barang haram hasil korupsi atawa ngagasab barang batur. Naon anu bisa dikorupsi atuda lain pejabat, lain PNS bapana budak teh, ngan saukur dagang leuleutikan, gede jeung leutikmah Allah nu ngatur, nupentingmah tetep usaha. Tapi naha budak teh meni kuasa bager-bager teuing, beda jeung budak nusejen-sejenna.
Komo ari geus nyiksa kanu jadi indung, pernah hiji mangsa kujring nepika ceurik alatan nyeri, korsi palastik di baledogken. “ sok sakalian bunuh mamah teh, ameh mamah maot, ke Reyhan teu gaduh mamah deui,” ari geus kesel jeung nyeri-nyeri teuingmah, kuring sok rada ngancam. Nya ari tos diancam kitumah ngagabrug bari nyiuman alim mamah maotmah saurnateh. Abong budak leutik ceuk kuring teh jero hate,  disebutkeun mamah maotmah leeh hartena keur ngambek oge.
Umur Reyhan teh nembe 3  taun tapi bageurna masya Allah teu katulungan,  kuring jeung bapana geus taak. Di leuleuyan teu metu, di kerasan kalahka beuki keras da can waktuna di kerasan deui budak sagede kitumah. Sakapeung mah sok kaisinan  ari tos gelut jeung budak tatangga, da puguh Reyhan mah galak, nya ari galak jeung keras namah  teu aneh da turunan sebrang, kuring meunangkan urang makassar.
Ayena oge teu pira hayang momobilan anu siga Agung budak tatangga hareupeun imah, unggal poe –unggal peuting eta we nu diomongkeun teh. Lain teu hayang mangmeuliken kanu jadi anak, komo deui ieu budak karek hiji, lamun ayamah hayang nyugemakeun ka anak teh. Tapi dalah dikumaha, panghasilan teh mun cukup jang hirup sapopoe, ari kudu meuli momobilan anu hargana ngaratus rebu mah, atuh ti mana nyumponanana. Hate mah peurih teu bisa nedunan kahayang nu jadi anak, sok sanajan bangor kabina-bina  oge ari ngaran ka anakmah teu weleh nyaah. Teu weleh di bela, sok sanajan salah budak sorangan. Lamun aya anu lalaporan kalakuan Reyhan, boh ti tatangga, atawa ti dulur-dulur kukuring osok di belaan we da eta mah budak keneh.
Kulantaran galak jeung osok hayang menunang sorangan, antukna Reyhan teh teu aya baturna, babaturan anu sasamana arembungeun  ulin jeung manehna. Nyeri hate teh, budak kuring nepika euweuh nu maturan. Babaturannana ngajarauhan. Kukuring teh digupayan, terus dipangku bari celengok diciuman, “ matak ge saur mamah naon ulah sok galak kabatur, jadi aralim ameng sareng Reyhan nya?” “ Reyhan mah da henteu galak mah, Reyhan mah hoyong ameng hungkul,” “ ayena mah ameng na jeung mamah we yu !” “ mah Reyhan mah hoyong ngalih deui,” kuring oge ngarti  Reyhan teh ayena mah ngarasa teu nyaman di marusuhan ku baturna teh.
Satiap rumah tangga oge di uji ku Alloh, aya nu uji istri anu teu soleh,  atawa salakina anu kurang soleh, atawa diuji dina hal anak, kuring meureun di uji teh dina masalah anak. Gara-gara anak kuring geus renggang jeung tatangga, geus renggang jeung nu jadi adi, kungsi hiji mangsa mah kuring ngarasa te ngenah basa Reyhan di gaok ku ninina, sok sanajan kuring sok ngagaok oge ka Reyhan tapi ari ku batur di gaoknamah anger we te ngeunah kana hate teh. Sapoe kuirng ngabaeudan kanu jadi indung, harita mah teu inget kanu dosa, keuheul we nu aya.
Lamun keur mandi teu weleh ceurik, lamun dahar teu sasuai jeung kahayangna langsung we alas teh di balangkeun, atuh kuirng nu capena, hese di carek, eta we di carek tong jajan es, da hese, angger we ari ti warung teh lamun teu es mawa cocooan.
Lamun kuring tas iinditan teu mawa budak, nulalporan teh meni rawing ceuli. Budak kuring mah hifer aktif deui, gagalacangan sagala dioprek lamun sakalieun ka teun batur teh. Ari di imah sorangan mah kitu teh tara dicarek, keun we da budak, ari teu ngabahayakeun mah ceuk pakar anak age kan keur diajar motorik halus ari budak umur sakitu mah. Jadi pentes lamun sagala hayang nyaho. Tapi ari di teun nininamah atawa di teun batur, teu bisa kitu, ari gagalacangan, jungkir balik, sagala dioprek, sagala di seredkeun. Pasti ting jarorowok nyaram ulah kitu ulah kieu lah.
Komo kamari mah pun bibi anu laporan, putra pun bibi anu beda dua taun yuswana sareng Reyhan di jengut papuket nepika kongkorong nateh pegat, atuh budak bibi teh ceurik menta digantian. “ Teh gentosan tuh kongkorong nu Aah dipegatkeun ku Reyhan,”  bari jubras-jebris bangun nu handeuueul. “ muhun ke di gentosan ku Teteh, “ kuring ngabebenjokeun nu keur ceurik
Isuk-isukna budak adi di baledog ku gunting kuku nepi ka kena kana tarangna meni ngabeletrak, ceurik bebeja kaindungna. Nini na laporan yen Reyhan mamawa pemper kotor, terus dialung-alung, didinya aya nini jeung abah keur taruang, pempers anu kotor teh murag kana alas Abah, dialungkeun deui murag kana alas indung kuring. Ampun pisan hese dicarek budak teh. Lamun di carek beuki dihajakeun.
Meh unggal peuting teu petot-petot ngadu’a ka anu kagungan eta budak, sing di bageurkeun, sing disolehkeun hatena, sing bisa nentremkeun ka nu jadi indung bapa, ditungtungan ku dua Robana Hablanaa min ajwajina waduriyatina qurota a’yun waj’alna lilmuttaqiina imaama. Kuring masrahkeun sadayana kanu kagungan, da budak teh lain titipan. Nya dititipan anu soleh ditampi, dititipan anu geulis anu kasep atawa anu goreng patut oge teu weleh we di pikanyaah, dalah budak cacat fisik oge ceuk paribasana moal burung ditampi, komo ieu nya kasep, nya pinter, sehat, mung hiji hanjakalna bangor. Tapi mudah-mudahan etamah bangor budak leutik we, teu nepika gede. Mudah-mudahan geus gede namah jadi jalma anu soleh, pinter jeung bageur, bisa berguna jang agama jeung nagara, amiin.
Geus sababaraha poe Reyhan teh udur , awakna panas, kukuring oge geus dikompres malahan tadimah dibawa ka puskesmas bisi katutuluyan. Tapi panasna teu turun-turun. Kuring jeung bapana budak geus hariwang bisi kumaonam, tadi sore mah belenyeng we kanu motor rek di bawa karumah sakit, Reyhan kudu di rawat gejala demam berdarah. Kuring cerik hate mah geus teu genah. Sok sieun pondok umur budak teh. Kuring tara ingkah ti sisi ranjangna, bisi Reyhan aya kahayang teu hese. Bari kuring teu leupas tina du’a, mugia Allah ulah waka nyandak Reyhan. Kuring hayang heula ningali Reyhan sakola, rumaja, dewasa, nikah, boga anak. Teu karasa aya nu haneut maseuhan pipi, ingeut kana kajadian katukang-tukang, sok mindeng nyiwit Reyhan kulantaran hese dicarek. Da rumasa kuring mah can bisa sabar dina nyanghareupan budak teh. Matak moal lulus lamun jadi guru TK mah.
“ Mah kunaon nangis ? Mah Reyhan mah ayena teu bangor deui,” Reyhan beunta, terus ngabelengeh seuri. Kukuirng diusap tarangna, bari diciuman. “ Reyhan hoyong naon ?” “ mah Reyhan mah hoyong momobilan anu siga Agung,” teg we hate teh, kuring boga hutang janji, basa Reyhan sok ngadat menta momobilan teh kukring dienyakeun ke lamun mamah gaduh artos. Tapi nepika kiwari acan kalaksanakeun.
Basa bapana Reyhan datang karumah sakit teh kukuring henteu diengkekeun deui, kuirng ngaharewos ka bapana, yen budak teh hayang momobilan. Atuh bapana ngahuleng, “ Timana artosna mah?” “ Mamah gaduh simpenan kanggo mayar kontrakkan, anggo we heula da lami keneh mayar kontrakan mah, nupenting mah bungah we Reyhan, jadi aya sumanget supados enggal sehat.” “ nya ari kitumah ke sore bapa bade milarian di pasar.”
Kacida bungaheunana Reyhan teh basa bapana mawa momobilan ka rumah sakit, teu sirikna diusapan, ngan can bisa ditummpakan da Reyhan na acan sehat. Masih keneh diopname. “ matakna sing enggal damang, ke urang numpak momobilan” kukuirng terus disumangetan. Momobilan teh disimpen di luhureun ranjang, eta oge kahayang Reyhan, ameh katinggal terus pokna teh.  
Kuring nyelang heula balik kaimah, di rumah sakit aya nunungguan indung kuring. Meni asa simpe imah teh teu aya Reyhan mah. Teu aya nu gagalacangan, ruang tamu rapih, kuring meni asa leungiteun. Teu aya nu capetang teu bentes. Ret kana cocooan anu meres dina dus dijuru dapur.leketey hate teh meni asa leuleus, mudah-mudahan Reyhan teh bisa balik deui ka imah, ngaramekeun rumah tangga. Jadi palipur di kala susah, jadi panghibur hate indung bapa na. keun we batur teu raresep ka Reyhan oge, da ring mah kacida pisan nyaahna.
Teu kungsi lila  Hp disada, kukuring gancang diangkat  bapana budak anu nelpon. ‘ Mah enggalan ka rumah sakit, ieu Reyhan trombositna turun, dokter oge tos pasrah kanu kagungan,” teu loba nyarita deui kuring langsung megat angkot.  Teu disalin-salin acan, mun mawa kantong anu nagajagrag di tengah imah keneh we. Kuring  apal lamun DB mah asok ngadodoho, disangka turun panasna, padahal keur kritis.
Satengah lumpat kuring muru rohangan Reyhan, kuring ceurik ningali Reyhan ngalempreh leuleus. “ sing kuat bageur,” kukuring diharewoskeun bari diusapan tarangna. Teu lila datang dokter, rek mariksa Reyhan, terus ku perawat diganti impusna. “ mah tos timana ? mana momobilan Reyhan ?” kuring atoh Reyhan tos beunta deui, “ mamah tos uih heula kasep, itu momobilan Reyhan, “ kuring bari nunjuk di kolong ranjang gigireunana.
Bari nungguan Reyhan, kuring terus ngadu’a, mudah-mudahan Reyhan sing dipasihan kakiatan sareng umur panjang, kuirng can siap lamun kaleungitan  Reyhan salilana. Karek sabaraha poe oge di rumah sakit, ni asa tiiseun imah teh.
Ayeuna Reyhan tos sehat, malahan tos tiasa uih ka bumi, ngan saur dokter teh kedah seueur istirahat, ulah waka motah teuing. Alhamdulillah kuring ngarasa reueus jeung bungah yen Reyhan bisa numpakan momobilanana.
Rancaekek, Oktober 2012

Dimuat Dimajalah Mangle




0

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan berikan komentar, saran dan kritik dengan bahasa yang sopan, jangan spam ya!